Kunci Jawaban Soal UAS PAT Bahasa Sunda Kelas 7 Semester 2, Cek Soal Terbaru Tahun AJaran 2022-2023 Pilihan Ganda

Kunci Jawaban Soal UAS PAT Bahasa Sunda Kelas 7 Semester 2, Cek Soal Terbaru Tahun AJaran 2022-2023 Pilihan Ganda

20 Contoh Soal Ujian Bahasa Indonesia Kelas 6 SD/MI 2023, Full Pilihan Ganda Buat Anak Mendapat Nilai Sangat Memuaskan--

 

B. Wacana 2 pikeun soal nomer 11 nepi ka nomer 12

Éling-éling umat muslimin muslimat
Hayu urang angkat berjamaah sholat
Éstu kawajiban keur sadaya umat
Pibekeleun urang jaga di ahérat



11. Eusi padalisan ka hiji dina pupujian bieu nyaéta…..
a. ngajak ngalaksanakeun kawajiban
b. ngajak berjamaah sholat
c. ngajak bebekelan
d. ngajak éling ka muslimin

Jawaban :D

12. Eusi padalisan ka dua dina pupujian di luhur nyaéta……
a. mépélingan umat
b. ngajak berjamaah sholat
c. ngajak bebekelan
d. ngajak éling ka mulimin



×

Jawaban :B

13. (1)Nabi urang sadayana.
(2)Arab Qurés nya bangsana.
(3)Kangjeng Nabi anu mulya.
(4)Muhammad jenenganana.
Runtuyan nu merenah tina pupujian di luhur nyéta…..
a. (1), (2), (3), (4)
b. (1), (3), (2), (4)
c. (1), (4), (3), (2)
d. (1), (3), (4), (2)

Jawaban :D

14. Kecap agréng ngandung harti…..
a. méwah tur éndah
b. alus tur kasohor
c. alus jeung éndah
d. gedé

Jawaban :A

15. Kecap asal tina kecap didungakeun nyaéta…..
a. didunga
b. dungakeun
c. dunga
d. didungakeun

Jawaban :C

16. Rarangkén tukang –an nu ngabogaan harti kecap pagawéan nyaéta…..
a. gantungan
b. wadahan
c. daékan
d. duaan

Jawaban :B

17. Anu lain kecap husus tina kecap diuk nyaéta ….
a. sila
b. émok
c. nyanghunjar
d. molotot

Jawaban :B

18. Kecap umum tina kecap ngaharéwos, ngagerendeng, ngagorowok, nyaéta….
a. Ngala
b. diuk
c. leumpang
d. nempo

Jawaban :B

19. Ayeuna mah loba pajabat dahar duit rayat. Kecap dahar ngandung harti……
a. Korupsi
b. Ngahuapkeun
c. Sarapan
d. Nginjem

Jawaban :A

20. Si Badru ngendog di kelas VII sabab tara di ajar.
Kecap ngendog dina kalimah di luhur ka asup kana kecap…..
a. denotatif
b. konotatif
c. sinonim
d. antonym

Jawaban :B

21. Dedeh : “Assalamu’alaikum.”
Udin : “Wa’alaikum Salam.”
Dedeh : “Ieu Dedeh, punten abdi téh badé tumaros, dinten kamari aya tugas?”
Udin : “ Oh…muhun, aya tugas Basa Sunda.
Kunaon kamari teu ka Sakolah Deh?”
Dedeh :”…….”
Kalimah anu luyu pikeun ngalengkepan paguneman di luhur nyaéta…..
a. alah biasa baé
b. nyaéta abdi téh nyeri sirah
c. ké baé isuk atuh
d. muhun kamari atos

Jawaban :B

22. Sinonim tina kecap Beurang nyaéta…..
a. peuting
b. wengi
c. siang
d. isuk

Jawaban :C

23. Antonim tina kecap Gedé nyaéta…..
a. ageung
b. badag
c. seueur
d. leutik

Jawaban :D

D. Wacana 4 pikeun soal nomer 24 nepi ka nomer 26

Cikal bakal padumuk Sumedang teh bibit buitna mah ti Galuh jeung Pajajaran. Ménak Sumedangna
sorangan ti pihak indung masih rundayan ti Prabu Siliwangi, Raja Pajajaran. Ari ti pihak bapa masih rundayan ti Sunan Gunung Jati Cirebon.

Bupati Sumedang munggaran nyaéta Pangéran Kusumah Dinata nelah Pangéran Santri. Disebut kitu sotéh duméh kaasup Bupati munggaran anu ngagem Agama Islam. Ibuna nya éta putri Prabu Linggawastu ti Sumedang, ari ramana nya éta Pangéran Pamelekaran, putu Sunan Gunung Jati Cirebon. Nikah na putri sareng pangéran ti Cirebon mangrupa awal ngaislamkeun urang Sumedang.
……………………………………………………….

24. Sempalan carita di luhur kaasup kana carita…..
a. dongeng
b. babad
c. carpon
d. novel

Jawaban :B

25. Bupati Sumedang munggaran nyaéta……
a. Pangéran Kusumah Dinata
b. Prabu Siliwangi
c. Sunan Gunung Jati
d. Putri Prabu Linggawastu

Jawaban :A

26. Pangéran Kusumah Dinata nelah Pangéran Santri, sabab…..
a. Bupati munggaran nu ngagem agama islam
b. putuna Sunan Gunung Jati Cirebon
c. santri Sunan Gunung Jati
d. Santri Sumedang munggaran

Jawaban :A

27. Anu teu kaasup kana conto kecap saharti (sinonim) nyaéta…..
a. beunghar = sugih
b. leutik = alit
c. sangsara = malarat
d. alus = goréng

Jawaban :D

E. Wacana 5 pikeun soal nomer 28 nepi ka nomer 30
Mohamad Toha katelah pahlawan ti Bandung Selatan, dina mangsa révolusi kamerdikaan. Lahir di kota Bandung dina taun 1927. anjeuna éstu yatim, sabab dina yuswa dua taunan tos dikantunkeun ku nu janten ramana. Sakola désana tamat salila 3 taun, satuluyna sakola montir mobil. Saréngséna ti dinya, anjeuna nyepeng damel di kamilitéran dina mangsa panjajahan jepang dina taun 1942-1945.
Sabada Indonésia ngukuhan proklamasi kamerdikaan, anjeuna ngagabung ka Barisan Banténg Républik Indonésia (BBRI) wilayah Priangan. Nya dina BBRI ieu anjeuna kénging tugas salaku Komandan Séksi I Bagian ‘Penggempur’.

28. Dumasar kana eusina, éta karangan kaasup kana…..
a. carita pondok
b. sajak
c. biografi/riwayat hirup
d. novel

Jawaban :C

29. Saha nu katelah Pahlawan ti Bandung Selatan téh ?
a. Mohamad Toha
b. Mohamad Yamin
c. Mohamad Yusuf
d. Mohamad Nur

Jawaban :A

30. Mohamad Toha lahir taun…..
a. 1929
b. 1928
c. 1927
d. 1926

Jawaban :C

31. Kecap Pahlawan ngandung harti……
a. balad
b. sekutu
c. tentara
d. pajuang

Jawaban :D

Sumber:

BERITA TERKAIT

Berita Lainnya

gzm